Edufair

Edufair @bungbulang

Edufair 2013

Kunjungi di Kampus SMAN NEGRI 7 GARUT Pada tanggal 26 - 27 Januari 2013

Perpustakaan

Menebar virus baca

Diskusi

Motivasi pendidikan

Silaturahmi Bulanan

Makan bersama keluarga besar

Jumat, 07 Oktober 2011

Training Motivasi "Membangun Karakter Generasi Bangsa"

OSIS SMAN 7 Garut tidak biasanya malam minggu (24/09/2011) sibuk mendekorasi ruangan belajar yang berada di sebelah barat kantin. Hal ini dilakukan karena besoknya akan dilakukan training motivasi yang bertemakan “Membangun Karakter Generasi Bangsa “ dengan pemateri Surya Nugraha, S.Pdi, S. Ag dan teamnya dari Sun Ericson. Kegiatan ini merupakan hasil kerja sama antara Keluarga Mahasiswa Bungbulang Peduli Kandangwesi dan Keluarga Mahasiswa Garut.

Hari Minggu (25/09/2011)kegiatan training motivasi diawali dengan sambutan dari Ketua pelaksana yakni Yoga Prayoga, dalam sambutannya beliau menceritakan sedikit pengalaman Bagaimana bingungnya ketika pertama kali menginjakan kaki di Bandung untuk Kuliah di UPI, karena itulah beliau menegaskan supaya adik-adiknya yang mau kuliah ke Bandung atau kemanapun supaya tidak mengalami kejadian seperti dirinya, karena di Bandung atau dimanapun sebenarnya banyak mahasiswa yang berasal dari Bungbulang dan khusus untuk Bandung dan Garut Kota sudah terbentuk kumpulan mahasiswa asal Bungbulang yang siap membantu para siswa yang mau kuliah baik berupa penginapan atau membantu persiapan SNMPTN.

Sambutan lainnya berasal dari Muspika Kecamatan Bungbulang dan Wakasek Kurikulum SMAN 7 Garut mereka berdua menyampaikan yang intinya supaya mempersiapkan SDM dalam menyambut terbentuknya Garut selatan, dan hal itu harus dilakukan dari sekarang. Mereka sangat mendukung diadakannya kegiatan training motivasi yang di adakan mahasiswa tersebut, dan ada wacana untuk menjadikan kegiatan training motivasi sebagai agenda tahunan di SMAN 7 pada khususnya.
Kegiatan Training merupakan kegiatan yang masih jarang ini terbukti dengan banyaknya siswa yang masih bertanya dan belum tahu kegiatan apa yang mau mereka ikuti tersebut. Dan hal ini juga yang menyebabkan keengganan sebagian siswa untuk ikut kegiatan tersebut. Tapi alhamdulilah setelah kegiatan, mereka paham dengan yang dinamakan training motivasi itu. Dan respon dari peserta cukup baik terbukti dari selembaran evaluasi yang dibagikan. Mereka ingin supaya diadakan lagi training serupa tidak hanya di SMA 7 Garut saja, tapi di sekolah mereka masing-masing. Selain itu respon baik pun diperlihatkan dengan begitu besarnya keinginan mereka untuk kuliah. Namun dari selebaran evaluasi pun didapat data bahwa mereka memiliki kendala atau keinginan mereka tersendat dengan keadaan ekonomi orang tuanya.

Acara ini berlangsung cukup meriah yang di ikuti 96 peserta dari berbagai SMA/MA/SMK yang ada dikawasan Bungbulang, selama satu hari dimulai dari jam 9.00 WIB- 17.00. Selama kegiatan panitia membagikan beberapa doorfrize untuk para siswa/i, kemudian acara ini diakhiri dengan Personal Motivation dan foto bareng panitia dan peserta training.

CARITA DALEM BONCEL TI KANDANGWESI

(Bagian ka-1)

Di tutugan Gunung Giriawas aya hiji lembur. Lembur leutik sarta nenggang, henteu gegek ngan opat-lima imah. Boh imah boh pakaranganana bararesih sarta raresik. Éta lembur katelahna Kandangwesi. Imah anu sajolan ti jalan, potongan garduh ngupuk, lain panggung maké kolong saperti nu lian. Anu bogana lain pituin urang dinya, tapi nu bubuara enggeus lila.

Di buruanana Éta imah rajeg lima-genep pangelatan manuk titiran laluhur, tihangna gombong saleunjeur-saleunjeur. Dina lebah saung kurungna maké papaés nanagaan dialus-alus, maké dicét sagala.

Di tepas imahna téa ogé rantuy kurung titiran: aya anu dicét beureum, aya anu diérmas, aya nu dirarawisan sarta digantungan tiiran-tiiran muté, éndah pisan. Manukna aya puluhna, balegér.

Méh unggal isuk waktu haneut poyan, anu bogana sok andekak dina babaléan di buruan, mani déngdék-déngkdék baé ngadéngékeun manuk anu keur ngarelak disarada patémbalan; bari ngagigirkeun cikopi lekoh ngebul, ngelepus udud.

Tampolana mun Si Pacar keur ngelak mah, lat poho kana ngenyot udud, da éta cenah lebar sieun kaliwat dina lebah lengketekungna.

Bujang-bujangna ogé sok nyalampeurkeun marilu nanggap sora manuk ngelak, ngayunkeun karesep dunungan; da ngalarti mah henteu.

Unggal Jumaah Kaliwon, najan aya gawé baku anu perlu ogé bujang nu namina Bangsa mah, teu kudu nyabak pagawéan séjén, da kapeto kana ngamandian manuk, sabab ngan Ki Bangsa anu tabah kana ngurus lilinggeran titiran mah.

Aya deui pangabogoh éta jalma téh, kana kuda. Manéhna bogaeun kuda jalu bulu daragem. Gedoganana henteu jauh ti imahna, beulah katuhu nyanghareup ngidul. Kacida dipikanyaahna kawantu kuda satria Pinayungan, béjana mah.

Demi nu ngurus éta kuda aya nu ngabaku, nya éta bujangna budak ngora anu siga kolot, pangawakanana cengkrang, namina Boncél.

Dina hiji poĂ© pasosorĂ©, sanggeus Si BoncĂ©l neundeun sundung, karĂ©k pisan datang tas ngarit, ujug-ujug haok baĂ© dicarĂ©kan ku dununganana, sarta teu antaparah… kerewek ceulina digoĂ©ngkeun tuluy dikusrukkeun ka jero gedogan, “TĂ©njo ku sia naha Ă©ta rarapĂ©n ngabayak diantep baĂ©? Naha Ă©ta nu nguyumbang teu diberesihan? Ngedul sia, henteu tulatĂ©n kana ingon-ingon! Kumaha lamun Ă©ta kuda gering, rĂ©k dikumahakeun ku sia? Tara apik, tara ngagugu kana papatah dunungan!”



“Teu acan baĂ©, Juragan. Kapan abdi tĂ©h nembĂ© dongkap pisan mentas ngarit.”

”Wah, ngalawan sia ka dunungan tĂ©h, kalah ka hakan baĂ© ari gawĂ© gorĂ©ng. Sia moal dibĂ©rĂ© nyatu ku aing.”

”Unggal sorĂ© unggal isuk ogĂ© disapuan ku abdi. Ayeuna ogĂ© badĂ© diberesihan. Tong makĂ© nyarĂ©kan.”

“Ah, sia melid, ngahaja baĂ© sina bala ngarah kuda aing paĂ©h, ambĂ©h sia henteu ngarit. Budak ngedul, siah!? Bari ngomong kitu tĂ©h… jekok najong kana bobokong Si BoncĂ©l. Atuh Si BoncĂ©l nepi ka tijongjolong mĂ©h tikusruk kana tataban.

Poé éta Boncel henteu meunang timbel, atuh ngongkrong teu barang dahar nepi ka isuk deui.

Diparak jeung disiksa kitu téh ku dununganana teu sirikna unggal poé. Tapi lain ku lantaran goréng pagawéan, ieu mah ku sabab bengisna nu jadi dunungan baé, pédah tadina aya pasendatan jeung bapana, alatan hutang.*** (Hanca)

(Tina Dalem Boncel, karya Ki Umbara)

Dalem Boncél
(Bagian ka-2)

Isukna.

Beurang naker Si Boncél karék indit manggul sundung, rék ngarit ka reuma. Ku lantaran beuteung kosong tacan kararaban kadaharan, manéhna ngarasa nahnay nanjak ka pasir téh. Barang datang ka mumunggang, gék diuk handapeun tangkal waru, reureuh heula. Pikirna ngerik taya hinggana, ras inget kana kamalaratan kolotna, katambah ari boga dunungan ku teu aya pisan tinimbangan.

Tuluy Si Boncél ngagéléhé kana canir, sirahna diganjel ku leungeunna, ngararasakeun beuteung rocop. Mimitina mah panonna mencrong baé ka langit, nénjo méga nu tingarudat bodas. Tapi teu karaseun deui, reup baé manéhna saré. Teuing sabaraha jam lilana, inget-inget sotéh pédah reuwas katinggangan cihujan patingkareclak kana tarangna.

Koréjat manéhna hudang, kop arit kop sundung rék ngarit, bari gasak-gisik culang-cileung bakating ku reuwas, tapi teu bisa kumaha, da ari breg téh hujan saperti meunang nyicikeun ti langit téh saenyana.

Manéhna ngiuhan deui handapeun waru téa. Tapi ku sabab hujan sakitu ngagebrétna, pakéanana rancucut, manéhna mucicid tiriseun.

Rét nénjo panonpoé geus rék surup, harita geus reup-reupan. Ras inget kana jukut keur parab kuda, tacan meunang sakeupeul-keupeul acan, ari awak ngadégdég kabulusan. Bararaal bawaning ku tiris, boraah bisa ngulangkeun arit.

Katambah-tambah hujan taya pisan raatna. Si Boncél kacida sieuneun ku dununganana, upama balik téh tangtu disiksa. Dina ingetanana moal salah deui tangtu bakal digebugan ku popongkol saperti baréto, mun kanyahoan ku dunungan léngoh téh.

Ku sabab sieun dipergasa ku dununganana, ku Si Boncél henteu dipikir deui, harita kénéh gilig pikirna rék minggat saparan-paran.

Geus harieum beungeut tĂ©h nekĂ©r kĂ©nĂ©h baĂ© manĂ©hna nanjak dina jalan satapak. Sakapeung mabal totorobosan kana sela-sela dapuran kaso. Ingetanana kop maung kop badak, henteu ngingetkeun kacapĂ©, henteu ngingetkeun kasieun, suku kacugakan ku cucuk-cucuk ogĂ© henteu dirasa, tina hayang geura jauh. Inggis aya nu nyusul, atuh leumpangna ogĂ© sering cungas-cingeus, rarasaanana mah asa jol – asa jol baĂ© dununganana.

Ku lantaran harita kabeneran poék bulan, taya harepan bisa laju lumakuna, tina teu nyaho ka mana piloseun, kawantu asruk-asrukan di nu bala. Tungtungna reg Si Boncél ngarandeg, ngarahuh ambekanana bawaning ku ripuh, peurih beuteung teu puguh rasakeuneunana.

Kabeneran baranyay kingkilaban, brek katénjo teu jauh ti dinya aya saung ranggon sisi reuma. Ripuh-ripuh ogé maksakeun manéh muru ranggon téa rék ngadon saré.

Ku lantran ranggon réyod, atuh teu kaur reup saré, katambah-tambah awakna nyareri jeung suku raméd ku cucuk, Si Boncél téh cindukul baé. Ari geus baranang béntang mah, bari ngurutan suku téh nginget-nginget pilampaheun.

Curucud cipanonna, inget ka indung bapana, piceurikeun mani asa ngagarenduk karasana, bawaning ku nalangsa. Ras kana takdir, mana balangsak kabina-bina teuing.

Rebun-rebun kénéh geus indit deui, turut-turut leuweung maju ngétan. Dina ingetanana ka mana baé pibraseunana mah, asal ulah kalarung balik deui ka urut tadi.

Barang keur ngabaheuhay handapeun kihiang dina lĂ©ngkob, kadĂ©ngĂ© anjing manting ngĂ©ngkĂ©ngan ti kajauhan, haok paninggarana hawar-hawar. KorĂ©jat Si BoncĂ©l cengkat bawaning ku bungah, neges-neges ka mana tujuna udagan Ă©ta anjing. Beuki lila beuki deukeut sora anjing tĂ©h. Rupana geus kana mumunggang pasir. Si BoncĂ©l taki-taki, nyekel gegendir tina tangkal kopi. TĂ©tĂ©la mencek tĂ©h lumpatna ka lebah manĂ©hna, da puguh liliwatanana. Hok Si BoncĂ©l milu ngahaokan, pokna, “Huhhh, huhhh, huhhh! Wah, wah, wah-wah-wah, huhhh!”

NĂ©njo aya nu megat, mencek tĂ©h malik ka tukang gok jeung anjing-anjing nu ngarudag, mogok wĂ©…nyamberan anjing-anjing. Anjingna parelit, marantingna deui bari ngalalingker kana tunggul, atuh ana disamber tĂ©h jleng nyingcet.

Ninggal seukeutna sihung mencek anu kawas loncér, moal salah sakali nyamber ogé mun keuna kana beuheung atawa kana kekemplong Si Géboy, tangtu sapatna. Tangkal tepus mah rabeng kawas dicacar ku parang seukeut baé.

Kabeneran dina mencek keur meujeuhna ngopépang, jol paninggaran nu ngaping anjing-anjing daratang, ngurumuy ti nu bala.

Barang mencek nénjo jelema, cul anjing-anjing, biur nyamber jelema. Tapi bubuhan paninggaran, rikat pisan nyingcetkeunana, bari habek puhu ceuli mencek téh diteunggeul ku gegendir. Bru baé rubuh, diburu ku anjing ditekuk. Geus kitu mah mencek nu keur ngaléhléh téh lékék baé dipeuncit ku paninggaran. Ayeuna anjing nu ngégél ngancing kana punduk mencek téh dikuprak-kuprak sina lésot. Mencekna dijungjungkeun, da disontrolan baé ku anjing.

Mencek téh henteu direcah harita. Sanggeus ditalian sukuna dua-dua, nu hareup jeung nu hareup, nu tukang jeung nu tukang, tuluy dicorok ku dahan kai, rék digotong guluntunganana.

Barang keur récok kénéh calacarita paburu téh, kurumuy Si Boncél nyampeurkeun.

“Euleuh, gedĂ©na, nya Mang! Paingan anjing-anjing teu waranieun narajang!”

“Enya, Jang. Tuh mani lebur kitu urut mogokna ogĂ©.”

“Ku kuring dipegatan mah, mana balik deui ogĂ© ieu mencek tĂ©h. Tadina mah rĂ©k mabal ka ditu ka lebak,” ceuk Si BoncĂ©l.

“Enya, osok sagala kabeneran puguh ogĂ©, ari hadĂ© indit-inditan tĂ©h, kawantu numbuk di naga numpi. Ari Ujang anu ti mana, mana hideng mangmegatkeun udagan Emang?”

“Tebih rorompok mah ti Kandangwesi.”

”Ambu-ambu, na mana lampar teuing? Ari ayeuna nu matak aya di leuweung luwang-liwung keur naon?”



“Puguh kapaider kuring tĂ©h. Tos lima poĂ© asruk-asrukan. Atuh teu kararaban sangu pisan dina jero lima poĂ© tĂ©h, ngan ngadahar bongborosan wungkul.”

Karunya teuing, atuh ayeuna ogé hayang dahar, nya? Pék geura dahar kadinyah! Tah, da gedé timbelna mah, jeung sambel bubuk deuih geura. Uyah mungkus, tuh dina bungkusan jimpo. Kop ka dinyah, entong asa-asa!

Celebek Si Boncél dahar, diriung ku paburu sabaturna, cacamuilan mani ngalimed, poho dikaéra.

“Ari geus dahar mah, milu baĂ© jeung Emang ka Pamijahn, ulah apruk-aprukan di leuweung, kuriak diseupah badak Cipatujah engkĂ©!” ceuk paburu nu pangkolotna.

Ahirna Si Boncél nya milu ka Pamijahan. (Hanca)

(Tina Dalem Boncel, karya Ki Umbara)

Dalem Boncél
(Bagian ka-3)

Si Boncél ngarerebna di paburu Pamijahan téh henteu lila, maksa permisi rék wangsul ka Kandangwesi, lantaran geus lami teuing ninggalkeun indung bapana, geus sono pisan.

Inditna ti Pamijahan téh ngulon, nyorang leuweung geledegan, mapay jalan satapak. Tapi ku lantaran teu nyaho jalan, tungtungna sasab teu nyaho kalér kidul.

Meunang sababaraha poé Si Boncél turun gunung unggah gunung, baranghakan sapanggihna, babakuna bongborosan. Ari saré seseringna nyelapkeun manéh dina tatangkalan, sabab di handap mah sieuneun ku sato galak.

Dina hiji poé manéhna anjog ka hiji puncak gunung anu awas ka mana-mana. Di kajauhan katénjo tingarenclo kawas lembur, béh kalérna marakbak jiga gedong-gedong.

Kaatohan Si Boncél barang nénjo lembur geus taya hinggana, leungit kacapé leungit kalapar, tuluy mudun gagancangan ka beulah ditu, muru ka nu marakbak.

Teu sabaraha lilana, jol datang ka sisi jalan gedé, bréh manggih warung. Harita Si Boncél ngarasa lapar lain dikieuna. Rék meuli kupat teu boga duit, rék jajaluk teu kaduga ku éra, tungtungna mulungan cangkang kupat dilémétan réméhna, poho dikageuleuh awahing ku lapar.

Tukang warung barang nĂ©njo aya nu ngalĂ©mĂ©tan cangkang kupat jeung pakĂ©anana rubat-rabĂ©t, jarijipaneun; tuluy diusir bari dicarĂ©kan, “Nyingkir ka ditu, ulah deukeut-deukeut ka dieu, rujit!

Si Boncél indit, ngajrigjrig leumpang, muntang kana padati anu rék ka Garut.

Kacaritakeun waktu harita di Garut keur réa tatamu, ménak ti nu jarauh ti Cianjur jeung ti Sumedang kana uleman, lantaran Kangjeng Dalem Garut ngaréndéngankeun putrana.

Kangjeng Dalem Cianjur ogé sumping, diiring ku Juragan Kapala jeung ku pirang-pirang pangiring liana. Piisukaneun Kangjeng Dalem Cianjur mulih, Juragan Kapala geus paciweuh baé nguruskeun candakeun mulih, jeung nyadiakeun kuda katut pigundaleunana.

Ujug-ujug solongkrong baé Si Boncél ngadeuheusan ka Juragan Kapala, sabab ditaruduhkeun ku anu rék ngagarundalan, anu kapanggih ku manéhna di alun-alun.

Piunjukna, “Upami badĂ© nganggo kĂ©nĂ©h pigundaleun, abdi ogĂ© sanggem ngagundalan. Dugi ka Cianjur ogĂ© abdi mah badĂ© ngiring baĂ©, upami dianggo mah.”

Saur Juragan Kapala, “Sukur ari daĂ©k mah, kabeneran gundal kurang saurang deui. Na urang mana manĂ©h tĂ©h?”

“Tebih, rorompok mah di Kandangwesi. Ka dieu nembĂ© dongkap, sasab puguh abdi tĂ©h, parantos sapuluh dinten henteu kararaban sangu.”

Juragan kapala ngahelas ngadangu piunjuk Si Boncél anu léntah-léntéh bangun lungsé, terus miwarang Si Boncél dahar di warung saseubeuhna.***(Hanca)

(Tina Dalem Boncel, karya Ki Umbara)



Dalem Boncél
(Bagian ka-4)

Teu mangkuk saminggu ti harita Si Boncél geus aya di Cianjur, cicing di bumi Juragan Kapala. Demi gawéna saperti keur aya di Kandangwesi, ngarit jeung ngagebeg kuda. Ayeuna mah awakna jadi lingsig, teu kurang dahar jeung tara aya nu nyiksa saperti keur di lemburna baréto.

Selang-selang tina ngarit jeung ngagebeg kuda, sok digawé di dapur sagawé-gawé tara kungsi diutah-étah deui. Singer pisan tiasa titip diri sangsang badan, tur dipikaasih naker ku dununganana, sumawonna ku Juragan Istri mah.

Sakapeung sok mapag putra dununganan nu keur sakola di Sakola Kabupatén, mangmawakeun sabak jeung buku.

Ari peuting mun putra dunungan keur ngapalkeun, Si Boncél sok ngaregepkeun, sarta sok nengetkeun pisan kana aksara-akasara. Malah mun putra dununganana enggeus mah ngapalkeunanan, Si Boncél sok dipapatahan hanacaraka jeung sok sina ditulis deuih.

Lila-lila Si Boncél bisa maca jeung nulis aksara Sunda, diajarna getol pisan. Saban poé mun salsé tina pagawéan anu baku, sok ngadapang dina kokopan kosong diajar nulis.

Hiji waktu Juragan Kapala sumping ka istal mariksa kuda, dina sorog Si Radéa aya mérek aksara Sunda unina: gedogan Si Radéa. Jol deui sumping ka istal Si Pélor, aya deui mérek: gedogan Si Pélor.

Dina manah Juragan Kapala, tangtu putrana nu ngadamel mérek téh, kaciri aksarana aksara budak. Tuluy putrana disaur.

“Ujang, beunang Ujang ieu mĂ©rek tĂ©h? Alus geuning.”

“SanĂ©s, Ama. KĂ©nging pun BoncĂ©l manawi.”

“Na, bisaeun nulis kitu Si BoncĂ©l tĂ©h?”

“Tiaseun, da sok milu diajar ari wengi sareng abdi.”

Ti dinya Si BoncĂ©l disaur ku dununganana, dipariksa saha nu nyieun mĂ©rek dina gedogan. Ku Si BoncĂ©l diunjukkeun yĂ©n Ă©ta mĂ©rek tĂ©h meunangna. Si BoncĂ©l harita dipiwarang nulis dina bangkarak: Jamparing, Sindangbarang, Pagermaneuh…dipecakan ku dununganana.

Kabéh bener sarta alus deuih aksarana téh.

“Isukan manĂ©h montong ngarit, BoncĂ©l, milu baĂ© ka kantor, bawa map. Keun nu ngarit mah Aliani,” Saur Juragan Kapala.

Isukna Si Boncél ngiring ka kantor, jadi gandék purah mawa map. Atuh yeuna mah lain tulas-tulis dina sorog, tapi dina daluang. Jeung sakur bangkarak dibaca dirarampa, malah sok disalin sakapeung mah. Lila-lila mah macana lancar, nulisna ogé geus aksara jadi.

Dina keur répot, Juragan Kapala sok miwarang ngaguratan serat ka Si Boncél. Mimitina mah ngaguratanana téh sok emplog-emplogan, tapi lila-lila mah sanggeus sering diwurukan kumaha metakeun kalam, jadi alus. Malah terusna mah lain ngaguratan wungkul, jeung nyalin surat deuih.

Waktu Juragan Kapala diangkat kana Patih di dinya, Si Boncél dipundut ku anjeunna, supaya jadi juru tulis.

Dina jadina priyayi kaciri katemenanana, atuh nu jadi dununganana tamplok kapercayaanana, malah waktu Juragan Asésor diangkat kana Cutak ogé, nya Jurutulis Boncél anu kaselir jadi gantina, jeneng Asésor, kaasup priyayi luhur.

Lila ti lila tina kauninga kapercékaanana jeung kapinteranana, Asésor Boncél diangkat jeneng Jaksa di Bogor.

Tina keur jadi Juru tulis kénéh, Jaksa Boncél geus kautara nenggang ti sasama, atuh teu matak héran mun nu jadi dununganana arasih nyaraah téh, kauninga ku nu ti payun kalempenganana. Dina prakna cacampuran teu néngtérégé, teu jiga paruruhan dika-tengah-imahkeun. Ieu mah éstu sieup kawas ménak asli baé. Malah réa sobatna gegedén luhur bangsa Walanda, tina bisa ka bala ka balé.

Teu mangkuk dua taun jadina Jaksa, Jaksa BoncĂ©l nampi nugraha Pangagung, diangkat kana…Bupati Caringin.*** (Hanca).





(Tina Dalem Boncel, karya Ki Umbara).



Dalem Boncél
(Bagian ka-5)

Carita balik deui ka Kandangwesi.

Waktu Si Boncél ngarit nepi ka soré teu datang baé, kabéh pangeusi lembur Kandangwesi jadi ribut, marelangeun sieun Si Boncél geus maot ditekuk maung. Indungna teu eureun-eureun ceurik.

Isukna kabéh lalaki arindit naréangan. Ku sabab sangkaan maranéhna Si Boncél dibawa ka leuweung ku maung. Maranéhna langsung arindit ka leuweung. Kabéh guha ditempoan, kabéh jungkrang dipapayan. Tapi nepi ka soré, Si Boncél tacan kapanggih. Poé isukna nénganana diteruskeun. Tapi teu kapanggih kénéh. Teu kapanggih hirupna, teu kapanggih mayitna. Kalawan pegat harepan, maranéhna terus baralik.

Waktu keur baralik ngungun taya nu cumarita, hiji budak ujug-ujug ngagorowok, “Tingal, ieu arit jeung sundung Si BoncĂ©l!”

Nu keur lalumpang kabéh eureun, tuluy nyalampeurkeun budak ngora nu ngagorowok téa. Katingal ku maranéhna arit jeung sundung, handapeun tangkal waru.

“Bener, ieu arit jeung sundung si BoncĂ©l!” ceuk dunungan Si BoncĂ©l. Tapi ka mana manĂ©hna?”

“Pasti geus dibawa ku maung ka leuweung!” ceuk saurang.

“Tapi di dieu teu aya tapak maung,” ceuk bapana Si BoncĂ©l. “Mun enya dibawa lumpat ku maung, tangtu tapak-tapakna bakal kaciri tĂ©tĂ©la, sabab waktu Ă©ta tĂ©h hujan gedĂ©.”

Mun kitu ka mana atuh manĂ©hna tĂ©h?” ceuk dununganana sakali deui.

“Kumaha baĂ© ogĂ©, kami yakin yĂ©n Si BoncĂ©l geus dibawa lumpat ku maung ka leuweung,” ceuk lalaki nu pangkolotna.

“Bener!” ceuk nu sĂ©jĂ©n-sĂ©jĂ©n mĂ©h bareng.

“Mun kitu, taya gunana deui ditĂ©angan,” ceuk dununganana. PamĂ©nta Pa BoncĂ©l, supaya poĂ© isukna ditĂ©angan deui, euweuh nu ngadĂ©ngĂ©. KabĂ©h jelema geus yakin yĂ©n Si BoncĂ©l geus maot.

KarĂ©k baĂ© Pa BoncĂ©l nepi ka buruan, Ma BoncĂ©l geus muru mapagkeun sarta nanya, “Mana anak urang, Pa?”

“Sabar, tacan kapanggih,” jawab Pa BoncĂ©l bari sasat meubeutkeun manĂ©h kana babalĂ©an.

“Tuluy kumaha?” Ceuk Ma BoncĂ©l bari ceurik.

“Jelema-jelema geus moal narĂ©angan deui, lantaran maranĂ©hna geus ngarasa yakin yĂ©n Si Ujang geus maot ditekuk maung.”

“OcĂ©n, OcĂ©n, anaking!” Ma BoncĂ©l nyambat-nyambat anakna.

“Sabar, Ma. Bapa yakin Si Ujang masih kĂ©nĂ©h hirup. Tangtu Ma ogĂ© masih inget, Si Ujang geus sababaraha kali mĂ©nta idin ka urang, rĂ©k mĂ©nta eureun ka dununganna nu bengis tĂ©a. Si Ujang hayang indit ngumbara, keur ngadu untung. ManĂ©hna hayang jadi jelema, supaya bisa nyenangkeun urang. Bapa yakin, ayeuna manĂ©hna indit ngalaksanakeun cita-citana. Anggur urang du’akeun, supaya cita-citana gancang dikabul.” Sanggeus ngadĂ©ngĂ© omongan Pa BoncĂ©l, Ma BoncĂ©l kari inghakna baĂ©. ManĂ©hna inget deui kana omongan Si BoncĂ©l barĂ©to, “Ma, idinan OcĂ©n indit ngadu untung. Muga-muga OcĂ©n pinanggih jeung kabagjaan. Mun OcĂ©n jadi jelema beunghar atawa jelema boga pangkat, tangtu Ema jeung Bapa ogĂ© baris milu senang. Sabalikna, mun OcĂ©n tetep baĂ© ngadunungan ka Ă©ta nu bengis tĂ©a, lain baĂ© teu bisa nyenangkeun kolot, awak sorangan ogĂ© laun-laun mah bisa jadi baris maot langlayeuseun. Ku sabab kitu, idinan OcĂ©n indit, Ma!”

Bari nyusutan cipanonna nu teu saat-saat, Ma BoncĂ©l ngagerendeng, “ManĂ©h ayeuna geus indit, Ma teu welĂ©h ngadu’akeun, muga-mugga Alloh nangtayungan. (Hanca)***

(Tina Dalem Boncél, Karya Ki Umbara)

Dalem Boncél

(Bagian ka-6)

NgendĂ©k welasan taun ………

Hiji poé ka lembur Kandangwesi aya hiji padagang bangkelan padagang barang-barang kolontong ngider ka lembur-lembur, ngadon mondok di imah Pa Boncél, lantaran kapeutingan.

Peutingna mĂ©mĂ©h sarĂ©, Ă©ta sĂ©mah jeung Pa BoncĂ©l ngarobrol. Omongna, dina ngiderkeun barang-barang, rĂ©a pisan tempat-tempat nu geus kapapay. Caringin ogĂ© kungsi didatangan. Pokna, “Basa kuring dagang ngider ka Caringin, kabeneran di dinya keur aya raramĂ©an ngistrĂ©nan dalem anyar. RamĂ© pisan. Teu kungsi satengah poĂ©, barang-barang kuring geus payu kabĂ©h. Padahal hargana ku kuring ditaĂ©kkeun dua kali lipet, malah aya nu tilu kali lipet.”

“Wah, untung pisan!” ceuk Pa BoncĂ©l unggut-unggutan.

“Kitu padagang mah mun keur untung tĂ©h,” omongna, “Tapi mun keur sial saperti ayeuna, keur dahar ogĂ© mĂ©h-mĂ©han heunteu aya.”

Jempling sakeudeung.

“Untung jeung sial tĂ©h geus suratan nasib, nya Pa.”

“Bener,” ceuk Pa BoncĂ©l.

“Saperti dalem nu anyar di Caringin tĂ©a, Pa. ceuk bĂ©ja, anjeunna lain turunan mĂ©nak. Anjeunna jelema biasa baĂ©. Asalna ti dieu ti Priangan. Jenenganana ogĂ© heunteu saĂ© saperti dalem-dalem nu sĂ©jĂ©n, ngan …. BoncĂ©l!”

“Saha jenenganana, Nak?” ceuk Pa BoncĂ©l kagĂ©t.

“BoncĂ©l, Pa. Dalem BoncĂ©l.”

“BoncĂ©l?” Ma BoncĂ©l nu keur nyeupah, milu kagĂ©t. Diukna pindah ngadeukeutan sĂ©mahna, pokna, “Anak kami nu leungit ogĂ©, ngaranna BoncĂ©l.” Ti dinya ka sĂ©mahna Pa BoncĂ©l nyaritakeun perkara anakna nu leungit tĂ©a.

“Kumaha awakna Dalem BoncĂ©l tĂ©h, Nak?” ceuk Ma BoncĂ©l.

“Jangkung rada kuru, Ma.”

“Rada hideung.”

“Meureun katingal, aya naon dina pipina?”

“Mun teu salah ningal, dina pipina nu katuhu aya tanda hideung.”

“Bener! Bener! ManĂ©hna anak kami Si BoncĂ©l!” ceuk Ma BoncĂ©l bari pĂ©k nyarandĂ© kana bilik.

“Alhamdulillah, geuning diijabah cita-cita anaking tĂ©h,” ceuk Pa BoncĂ©l mĂ©h teu kadĂ©ngĂ©.

“Si Ujang geus jadi jelema. Pohara bagjana nu jadi indung,” ceuk Ma BoncĂ©l bari nadahkeun leungeuna.

“Tapi … teu bisa jadi Dalem BoncĂ©l tĂ©h anak Ema jeung Bapa,” ceuk Ki SĂ©mah, “Sabab nu jadi dalem tĂ©h kudu jelema anu pinter maca jeung nulis. Sedengkeun Ujang BoncĂ©l anak Ema jeung Bapa, kapan heunteu sakola.”

“Bener kitu. Tapi … teuing, nya; Bapa yakin pisan Dalem BoncĂ©l tĂ©h anak kami, Nak!” ceuk Pa BoncĂ©l.

“Enya,” ceuk Ma BoncĂ©l.”Ema apal pisan, Si OcĂ©n tĂ©h awakna jangkung kuru, kulitna semu hideung jeung dina pipina nu katuhu aya tanda hideung. Kitu, nu katingal ku anak ogĂ©, lin?”

“Bener, Ma. Tapi. Naha anjeunna heunteu Ă©nggal mapagkeun Ema jeung Bapa ka dieu?” ceuk Ki SĂ©mah tĂ©h.

“Meureun riweuheun kĂ©nĂ©h ku rĂ©a pagawĂ©an atawa meureun nyangka Ema Jeung Bapa geus teu araya di kieuna,” ceuk Pa BoncĂ©l.

“Ku lantaran kitu, alusna mah urang baĂ© nu kaditu, Pa!” ceuk Ma BoncĂ©l.

“Caringin jauh pisan ti dieu tĂ©h, Ema jeung Bapa moal karuat di jalanna,” ceuk Ki SĂ©mah, tuluy dicaritakeun kumaha jauh jeung susahna perjalanan ka ditu.

“Tapi urang rĂ©k indit ogĂ© ka ditu, nya Pa?” ceuk Ma BoncĂ©l, “Ema geus sono pisan ka si BoncĂ©l. Maot di perjalanan ogĂ©, teu panasaran. Iraha urang indit, Pa?”

“Ulah, Ma. Ema moal kuat. Keun engkĂ© mun kuring ka Caringin deui, ku kuring baris dicaritakeun ka anjeunna yĂ©n Ema jeung Bapa araya kĂ©nĂ©h di kieuna, jeung pohara nganti-ngantina kasumpingan anjeunna,” ceuk Ki SĂ©mah.

“Heunteu, Nak. Ema jeung Bapa kudu indit ka ditu. Ema geus teu tahan deui, hayang neuteup beungeut Si OcĂ©n sakali deui, samĂ©mĂ©h Ema ninggalkeun ieu dunya nu fana. Isukan urang indit, nya Pa!”

Pa BoncĂ©l cicing baĂ©. Atina bingung. Indit susah, heunteu indit … karunya ka Ma BoncĂ©l. Sakumaha teuing hanjakal manĂ©hna, mun Ma BoncĂ©l maot samĂ©mĂ©h kahayangna pikeun papanggih jeung anakna laksana. Saenyana manĂ©hna sorangan ogĂ© memang kacida sonona. Sanggeus dibeuweung diutahkaun dipikir enya-enya, ahirna diputuskeun pikeun indit. Ma BoncĂ©l bungaheun pisan.

Sanggeus Ki Sémah terang yén Ma jeung Pa Boncél maksa rék arindit, tuluy ku manéhna diterangkeun ka mana nujuna jeung jalan mana nu ku maranéhna kudu disorang.

Geus peuting pisan, kakara maranéhna sararé.(Hanca)



(Tina Dalem Boncél, Karya Ki Umbara)

Dalem Boncél
(Bagian ka-7)

Sanggeus di jalanna dua bulan leuwih, Ma jeung Pa Boncél narepi ka Caringin. Pakéan maranéhna geus rarubat-rabét. Sukuna geus barareuh. Maranéhanana geus teu béda jeung tukang baramaén baé. Laleumpangna geus raripuh pisan, komo Ma Boncél mah. Maranéhna méh paregat pangharepan.

Tapi waktu maranéhna terang yén geus nepi ka Caringin, sumangetna timbul deui. Kasangsaraan nu kacida beuratna nu geus kaalaman di perjalanan, saperti hilang ditiup angin. Rasa pegat harepan robah jadi harepan-harepan nu éndah, tanagana timbul deui. Ma Boncél nu tadina leumpangna dipapah ku Pa Boncél, ayeuna mah ngadadak bisa leumpang sorangan miheulaan.

Maranéhna tokroh-tokroh arasup ka pakarangan Kabupatén.

Gulang-gulang nu ngajaga, buru-buru nyampeurkeun maranĂ©hna, tuluy nanya, “Na, saha Aki jeung Nini tĂ©h bet wani-wani arasup ka dieu? Heunteu meunang!”

“Maap, Nak. Aki jeung Nini tĂ©h ti jauhna,” ceuk Pa BoncĂ©l.

“Ti mana jeung rĂ©k ka mana?

“Ti Kandangwesi, Nak. Datang ka dieu tĂ©h rĂ©k nĂ©angan anak nu leungit.”

“Naha asup ka dieu?”

“Kami ngadĂ©ngĂ© bĂ©ja, yĂ©n anak kami tĂ©h ayeuna geus jadi dalem di dieu.”

“Hahahah, hahahah!’ Gulang-gulang seuri ngagakgak. “Teu bisa jadi dalem anak tukang jajaluk!”

“Kami lain tukang baramaĂ©n, Nak. Demi Alloh, kami jelema biasa,” ceuk Pa BoncĂ©l sedih.

“Tapi teu bisa jadi ibu rama Dalem hina kieu,” ceuk gulang-gulang bari jebi.

“Nak,” ceuk Ma BoncĂ©l lemah lembut, “Harepan kami nu hina. Mun anak henteu kaabotan, Nini rĂ©k nanya. Sugan anak terang, saha nami Dalem tĂ©h?

“BoncĂ©l,” jawabna pondok.

“Kumaha badanna?”

“Jangkung, rada kuru.”

“Kumaha pakulitanana?”

“Rada hideung.”

“Naha dina pipina nu katuhu aya tanda hideung? Tanda Wisnu?”

“Aya.”

“TĂ©tĂ©la Ă©ta dalem tĂ©h anak kami. Bawa kami ka manĂ©hna. Ema geus sono pisan, ma’lum geus aya welasan taun henteu papanggih. Ceuk Ma BoncĂ©l.

Gulang-gulang téh cicing sakeudeung, katingal manéhna asa-asa.

“Tungguan baĂ© heula di dieu, kuring rĂ©k ngadeuheus heula ka anjeunna. Boa teuing anjeunna keur kulem. Mun anjeunna aya, kuring rĂ©k buru-buru unjukan yĂ©n aya Nini jeung Aki,” ceuk gulang-gulang, tuluy manĂ©hna indit…

“Ema geus hayang nagkeup Si Ujang, Pa.” ceuk Ma BoncĂ©l, “ManĂ©hna ogĂ© tangtu geus sonoeun ka urang tĂ©h. Tangtu manĂ©hna baris nyeungceurikan jeung ngarangkul urang. Geuning lila naker gulang-gulang tĂ©h?

“Sabar, Ma. Sakeudeung deui ogĂ© gulang-gulang tĂ©h bakal datang jeung Si Ujang,” jawab Pa BoncĂ©l.

“Ema geus teu tahan deui lila-lila ngadagoan. Hayu urang baĂ© nu ka ditu, Pa!”

“Indit baĂ© sorangan ka ditu! Keun Bapa ngadagoan di dieu.”

Gulang-gulang datang hariweusweus nyarita, “Nini jeung Aki kudu buru-buru indit ti dieu. Dalem pohara benduna. Nini jeung Aki lain sepuhna. Saurna, ibu rama anjeunna mah geus lila parupus. Ku lantaran kitu, Nini jeung Aki kudu buru-buru arindit ti dieu!” Ceuk gulang-gulang, bari nunjuk lawang kaluar. Mun aya gelap tengah poĂ© Ă©rĂ©ng-Ă©rĂ©ngan, sigana Ma jeung Pa BoncĂ©l moal kagĂ©teun saperti harita. Lila maranĂ©hna teu lĂ©mĂ©k teu nyarĂ©k.

“Hayoh gancang arindit!” ceuk gulang-gulang sakali deui.

“Nak, bĂ©jakeun ka manĂ©hna yĂ©n kami moal kaluar ti dieu, samĂ©mĂ©h pahareup-hareup jeung manĂ©hna. Kami yakin, manĂ©hna anak kami. Jung, bĂ©jakeun!” ceuk Pa BoncĂ©l. Ma BoncĂ©l ngaguguk baĂ© ceurik.

Bari teu ngomong sakecap ogé, gulang-gulang téh lumpat rék ngadep ka dununganana deui.

“Sabar, Ma,” ceuk Pa BoncĂ©l ka Ma BoncĂ©l, “Meureun gulang-gulang tĂ©h salah dĂ©ngĂ©. Si Ujang moal kejem kitu, Ma!”

Teu lila gulang-gulang téh datang ngiringkeun dalem.

Waktu Ma BoncĂ©l ningal anakna, poho di naon-naon… ngagorowok bari lumpat rĂ©k ngarangkul, “OcĂ©n, anaking!” Tapi gancang ku Dalem ditĂ©jĂ©h, nepi ka Ma BoncĂ©l…nangkarak bengkang. ManĂ©hna ngajerit kanyenyerian.

“Saha manĂ©h, wani-wani ngaku anak ka kami?” ceuk Dalem BoncĂ©l bengis.

“OcĂ©n, anaking! Ieu Ema! Ema nu geus ngandung hidep salila salapan bulan. Ema nu geus ngagedĂ©keun hidep!”

“Sing inget, Ujang! Ieu Bapa! Bapa nu ti barang Ujang ninggalkeun dunungan anu bengis tĂ©a, teu welĂ©h nĂ©angan hidep ka mana-mana. Ti harita Ema hidep kaleleban, Nak. Beurang peuting ngan nyambat-nyambat ngaran hidep. Ayeuna hidep geus jadi jelema. Ema jeung Bapa pohara bagja jeung sonona.

“Teu, kami teu boga kolot hina saperti maranĂ©h. Hayoh gulang-gulang! Gusur ieu jelema-jelema gĂ©lo tĂ©h kaluar…!” ceuk Dalem bari nulak cangkĂ©ng.

“Inget, anaking!” ceuk Pa BoncĂ©l.

Ti dinya Ma jeung Pa Boncél ramé-ramé digalusur kaluar pakarangan Kabupatén. Ma jeung Pa Boncél diusir saperti anjing.

Ku lantaran Ma Boncél geus teu kuat leumpang sorangan, nya dipapah ku Pa Boncél. Maranéhna laleumpang lalaunan jumarigjeug, ninggalkeun anakna anu dipihéman. Cipanon maranéhna teu eureun-eureun murubut.

“Ya Alloh, mugi-mugi abdi dipaparin kakiatan,” ceuk Ma BoncĂ©l mĂ©h teu kadĂ©ngĂ©.*** (Hanca)

(Tina Dalem Boncél, karya Ki Umbara)

Dalem Boncél
(Bagian ka-8)



Ayeuna Dalem BoncĂ©l sering huleng jentul nyalira. Kajadian ngahina jeung ngusir ibu ramana teu leungit-leungit tina Ă©mutanana. Jerit ibuna waktu ditĂ©jĂ©h ku anjeunna, ngahieng baĂ© dina cepilna. Ibuna anu mikaasih, anu datang ti jauhna kulantaran sono ka anjeunna,… ku anjeunna lain diceungceurikan jeung dirangkul, malah dihina jeung diusir. Dalem BoncĂ©l humandeuar, “Cilaka diri, doraka. Ku naon diri Ă©ra ngaku ibu ka anjeunna? Ibu nu nyusuan diri. Ku naon?”

Hawar-hawar sora tikukur di jauhna dipasir tonggoheun KabupatĂ©n, ngelak baĂ©, “Tikukur, guk, guk! Tikukur, guk, guk!” Tapi kakupingna ku Dalem BoncĂ©l harita mah, “Kaduhung, aduh, aduh! Kaduhung, aduh, aduh!…

Ras Dalem Boncél jaman keur budakna di Kandangwesi. Unggal peuting méméh saré, ibuna sok ngadongéng heula. Dongéng raja-raja, atawa dongéng sasatoan nu bisa ngomong cara manusa.

Anjeunna kakara bisa saré, mun dongéng ibuna geus tamat. Malah sakapeung mah anjeunna sok saré dina lahunan ibuna, saméméh dongéng tamat.

Dina hiji peuting, ibuna nyaritakeun dongĂ©ng, “Nini jeung Kuya”. Ceuk ibuna:

“Jaman baheula, aya hiji nini-nini. Eta nini-nini tĂ©h miskin pisan, dahar sorĂ© henteu isuk. ManĂ©hna hirup sorangan, salaki jeung baraya-barayana geus teu aya kabĂ©h. Sedengkeun anak teu boga pisan. Cicingna di poporogok sisi susukan. GawĂ©na sapopoĂ© ngala haremis di susukan tĂ©a, jualeun ka pasar atawa ka tatangga-tatanggana, ladangna keur meuli sangu. Mun manĂ©hna gering nepi ka teu bisa ngala haremis, poĂ© Ă©ta nya ngongkrong, henteu dahar.

“Karunya, nya Ma!” ceuk Jang BoncĂ©l.

“Dina hiji poĂ©,” ceuk ibuna, neruskeun dongĂ©ngna, “Waktu keur ngala haremis saperti biasa, nini-nini tĂ©h meunang anak kuya sagedĂ© jĂ©ngkol. Si Nini tĂ©h pohara kagĂ©teunana. Sabab Ă©ta anak kuya tĂ©h bisa…nyarita sapeti jelema. Omongna, “Ni, kuring ulah dipaĂ©han, nya. EngkĂ© mun kuring geus gedĂ©, kuring rĂ©k mulang tarima kana kasaĂ©an Nini.”

“HadĂ©, Nak. ManĂ©h ku Nini moal dipaĂ©han!”

Si Nini nyaaheun pisan ka anak kuya téh, dipiara, dihadé-hadé diwadahan dina jajambaran. Cai jeung parabna unggal poé diganti.

Beuki lila kuya tĂ©h beuki gedĂ©…

Barang geus sagedĂ© batok, kuya tĂ©h ngomong ka Si Nini nu harita rĂ©k ka pasar ngajual haremis. “Nini, engkĂ© mun haremis geus payu, kuring pangmeulikeun bibit waluh. Kuring hayang melak.”

“HadĂ©, Nak!” Jawab Si Nini. Datang ti pasar Si Nini mikeun siki waluh sabungkus ka kuya tĂ©a. Kuya pohara atoheunana. Isukna, Ă©ta siki waluh tĂ©h ku Si Nini—titah kuya—diawurkeun di tegalan. Kabeneran waktu harita tĂ©h musim ngijih. Tina sabungkus siki waluh tĂ©h, ngan sasiki nu jadi mah. Jadina pohara montokna. Beuki lila beuki gedĂ©, tuluy kembangan, tuluy buahna. Buahna ogĂ© ngan sasiki… geus sarĂ©, Jang?” ceuk Ma BoncĂ©l nanya ka anakna.

“Tacan, teruskeun, Ma!” Jawab Si BoncĂ©l.

“Waluh nu sasiki tĂ©h beuki lila beuki gedĂ©. Beuki gedĂ© beuki kolot. Warnana tina hĂ©jo geus robah jadi konĂ©ng kasoklat-soklatan.

Dina hiji peuting, waktu Si Nini eukeur ngeunah-ngeunah nyeupah, ujug-ujug manĂ©hna ngadĂ©ngĂ© kuya nyarita sorangan Pokna, “ Nun Moyang, abdi hoyong mulang tarima ka Si Nini nu tos miara jeung miasih ka abdi. Mugi moyang maparin pituduh!”

Isuk-isuk pisan kuya tĂ©h geus ngahudangkeun Si Nini. Tuluy diajakan ka tegalan ngala waluh nu sasiki tĂ©a. “Ala waluh tĂ©h, Nin. Tuluy bantingkeun sing tarik!” ceuk kuya sadatangna ka kebon.

“Ku naon kudu dibantingkeun, Nak?” ceuk Si Nini hĂ©raneun.

“Kitu pituduh moyang, Nin.”

Waluh tĂ©h ku Si Nini diala, tuluy dibantingkeun satakerna…ajaib waluh tĂ©h jadi…gedong agrĂ©ng, lengkep jeung eusina. Salian ti Ă©ta di jerona aya peti-peti nu eusina emas jeung pĂ©rak

Si Nini colohok héraneun.

Ceuk kuya, “Nin, Ă©ta gedong jeung eusina, kabĂ©h milik Nini. Ti poĂ© ieu Nini teu kudu ngala haremis deui. Nini meunang senang-senang terus!”



Nepi ka maotna Si Nini henteu kakurangan sandang pangan, …geura reup, Jang! DongĂ©ngna geus tamat!” ceuk Ma BoncĂ©l ka anakna …

Bari murubut cipanon Dalem BoncĂ©l ngagerendeng, ‘manĂ©hna ukur kuya, sato ngarayap, tapi hatĂ©na pohara mulyana. Ari aing manusa jeung bupati deuih…lain baĂ© henteu mulang tarima, tapi malah ngahina jeung ngusir indung bapa anu mikaasih aing ti leuleutik. Ya Alloh mugi abdi dipaparin kasempetan kanggo ngalebur dosa…” (Hanca).

(Tina Dalem Boncél, karya Ki Umbara)

Dalem Boncél
Bagian ka-9

Dina hiji poé Dalem Boncél katarajang kasakit ateul sakujur salirana. Tadina mah dianggap ateul biasa baé, tapi lila-lila kanyataan taya obat anu matih. Dukun lepus paraji sakti kabéh dikumpulkeun, tapi jampé jeung ubarna taya nu mental. Malah kasakitna beuki parna.

Lantaran Ă©ta kasakit , Dalem BoncĂ©l pohara sangsarana. Calik teu raos, ngadeg ogĂ© teu raos. Pananganana gĂ©gĂ©trĂ©t terus. Sakapeung nepi ka lali makĂ© pakĂ©an. Boh beurang boh peuting mĂ©h teu tiasa kulem. Socana baléér beureum jeung ngucur caian baĂ©. Salirana anu langsip tĂ©h beuki langsip baĂ©. Anjeunna teu welĂ©h rumahuh. “Moal salah ieu kasakit tĂ©h lantaran doraka!”

Beuki lila kasakitna geus mĂ©h teu katahan deui. Rahuhna, “Lamun kieu baĂ©, aing bisa gĂ©lo. Duh Ma, Bapa …hapunten putra!”

Ayeuna anjeunna geus gilig rék ka Kandangwesi, rék nyuuh ka pangkonan ibu ramana, rék nyuhunkeun ampun.

Atuh gancang diayakeun sasadiaan. Ponggawa-ponggawa anu kudu ngiring, ditangtukeun. Kuda-kuda, boh kuda tunggang boh kuda umbal dijagragkeun. Pakéan anu aralus keur ibu-ramana disadiakeun. Nya kitu deui kadaharan-kadaharan nu ngrareunah, boh keur bekel di jalan boh keur oléh-oléh ka ditu.

Dina poĂ© nu hadĂ©, rombongan Dalem BoncĂ©l tĂ©h barangkat. Dalem mah lantaran teu damang… ditandu. Diiring ku ponggwa-ponggawa tarumpak kuda. Sababaraha kuda umbal pinuh ku muatan. Ti Caringin di Banten ka lembur Kandangwesi di Garut kidul tĂ©h, lalampahan jauh pisan ….

Anjog ka Kandangwesi rombongan tĂ©h langsung ngajugjug ka imah Ma jeung Pa BoncĂ©l baĂ©. Tapi, naon nu katingali ku Dalem BoncĂ©l? … Imah sepuhna ngan tinggal urutna baĂ©, malah geus jadi kebon eurih sadedeg-sadedeg.

Ti urut tatangga-tatanggana, Dalem kĂ©nging katerangan yĂ©n Ma jeung Pa BoncĂ©l samulangna ti tas nĂ©angan anakna tĂ©h … garering. Teu lila tuluy maraot, mĂ©h bareng.

Ngadangu bĂ©ja kitu, Dalem BoncĂ©l ngajerit … les kapiuhan. Sanggeus Ă©mut deui, anjeunna lumpat bari gĂ©gĂ©trĂ©t ngajugjug pajaratan Ma jeung Pa BoncĂ©l, gabrug ngarangkul tutunggul ibu ramana, tuluy nyuuh kana tutunggul ibuna …. Ngagukguk nangis kanyenyerian, bari nyambat-nyambat ibu ramana nyuhunkeun dihapunten…

Salira Dalem Boncél ahirna pinuh ku késrék dugi ka pupusna. *** Tamat.

Tina Dalem Boncél, karya Ki Umbara
http://www.facebook.com/profile.php?id=1520263927#!/groups/187663227973315/doc/196402297099408/